Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

“ih, da akang ge kitu, lis
akang geus jadi mashur haram kana pagawean
tapi akang mah gêtol, nyai
isuk-isuk manggul pacul
ti beurang manggul pasangan
ditunda di kolong sasak

isuk-isuk ngajêjêntul
ngadagoan pamasangan
ngadagoan kejo asak, nyai”
katunda anu geulis jeung nu kasep
nu geuning nuju sili rangkul di sisi basisir teu
calik dina catang kai

sigeg ayeuna di Nagara Kuta Tandingan
êmban balik ceurik ngariringkik
"gusti tiwas, tiwas gusti
agan anu geulis hanteu aya
dirawat di jamban larangan!
boa jurig setan!”
atuh pada muru êmban teh
”kunaon ieh êmban?”
”gusti, tiwas!
anu geulis hanteu aya dipangku jurig!
diiwat tina jamban larangan
dibawa jurig, setan”
atuh pada muru
"êmban, ku naon ieu emban nun”
“gusti tiwas
anu geulis hanteu aya
dibawa ku jurig ti jambam larangan”
atuh ratu bingung teu ngalagu
susah teu ngalampah
atuh tina kituna yen
“kajeun teuing aya nu geus nampa panglamar
lamun bisa aya nu meunangkeun
dibawa ku jurig cênah ti jamban larangan
anu geulis Agan Sumur Agung”
baris eta pisalakieunana”
atuh katunda anu keur saembara

115