di Kuta Tandingan
nyaembarakeun anu eta geulis tea
“eh, nyai ayeuna urang mulang bae
ka nagara nyai
nyarios ka tuang raka"
"akang sumangga sêja ngiringan, êngkang"
atuh mangkat raden
ngiring nu geulis Agan Sumur Agung
atuh tina kituna yen
Budak Manjor kumawula
ngiring-ngiring ka raden nu kasep
burubul saalung baju
barabat sawidak lima, eh
nyorang leuweungna mah mani sakeukeudeung
nyorang lebak sabengbatan
tanding pitik parulang mandi
tanding paok moro bojong
tanding ciung moro ka gunung
morona mah pangrungrunganana
tanding walik pateuh pingping
pateuh pingping moro pasir
kadanca megat raratan
gêbruy sariga layung
gêbray sariga bentang
nu kasep reujeung nu geulis, eh
keusik-keusik jiga barêntik
nya cadas jiga carêntang
ti katuhu tanding ratu
ti kenca tanding dewata
daweung ngabudi dayeuh
ka mana jug-jug purunna
ka mana dungkap datangna
undur satulanjung jauh
undur satulanjung jauh
angkat saparentang anggang
atuh jag lantunggeuning
sumping ka tapélwatés nagara
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/117
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
116