anu tiasa ngengingkeun tuang saderek
Agan Sumut Agung
tah jeu anu nyandakna Budak Manjor
parantos taluk ka diri abdi
baris bade kumawula, kitu nun”
lajêng ditampi
"sakalian baris bade dilamar ku abdi, nun”
"nuhun atuh den sarebu suka salaksa
katêda, kasuhun, katarima
sawios abdi parantos nampi panglamar
tin nu sanes
kumargi abdi parantos ngaluarkeun kêcap
saembara
saha-saha nu tiasa meunangkeun tina bahaya
anu geulis Agan Sumur Agung
eta baris picarogeeunana
atuh ayeuna kabuktosan
tah rayi anu tiasa ngengingkeun
sapêrkawis kitu
kalihna pêrkawis
supagi rayi sanggem tanggel jawab
dina kapayunna
margi, sapêrkawis kitu
kalihna pêrkawis parantos nampi
panglamarna nu kasep Kuda Pamekas
jaba ti eta aya deui nu sanes-sanesna
hiji Kuta Salaka
dua Kuta Pandak
tilu Kadu Pandak
opat nyaeta putra Dayeuh Manggung Masanggrahan Wetan
putra Gajah Ngambung Giwang Rarang
tangtos baris eta geuning nyieun balitungan
kumaha pérkawis rayi geus nanggêl
eta nu opatan
"ih, tina pêrkawis eta ulah salempang
abdi gaduh cikal budang
Jaga baya pucuk pêrang
andelan deudeul nagara
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/119
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
118