"tah gan geus hawar-hawar sora tinunna va
mani geus ngémprang bae neupa di kaputren
mangga geura reungeukeun
cirikeun wae kieu, gan
lamun ngareunah sora tinunna
eta geulis
lamun hanteu
goreng patut”
"heug Lengser
bari pureun heula sakeudeung
urang ngadengekeun tinun”
jongjon nu geulis
ngemprang neupa di kaputren
bale bubut bale manggut
bale bang bale kumambang
gédogan dawolong condong
tunjangeun bungbulang peucang
jingjingan bungbulang kuning
limbuhan kai dilahun
galeger kai kadenge
teungkeurna awi ti heuleut
barera langkap disada
suri awi langkap nunggal
toropong ku tamiang sono
sorolok prang sorolok prang
sorolok eor koroncang
tinun dikétig dititibingkeun
dikétek ditetebengkeun
dikétuk ditutubungkeun
dioedkeun bari diéngkedkeun
seureuleuk
deuk, deuk ka keuneung
tinun satuan ukur sasiki
sapoe ukur dirampa
tinun mana alus-alus teuing
tinun matak tigulusur kutu
120