ali cingein dina cinggit
piduri dina jatijl
intén jambrud di katuhu
di kenca kaca banggala
atuh barang dugi ka kaum
kumpulkeun sarat kaum
barang geus kumpul
”eh sarat kaum
numawi dumeuheus ka nu jadi salira taya
pangnikahkeun dulur kaula
Agan Sumur Agung
ka Ratu Sungging Gilang Mantn
suka cénah
atuh tina kituna dirapalan ku sarat kaum
barang geus dirapalan
bayar pasaksina!
kalawan maskawinna kontan
saksina sarat kaum
lobana saratus duapuluh lima pasmat
beres patikahanana mangkat marulang
nu geulis jeung nu kasep tea
méndung-méndung papayungan
payung agung karatuan
payung bawat kemanakan
awak jangkung dilayungkeun
awak lénjang dipidangkeun
léngkeh koneng dilegeyekeun
atuh jag lantung geuning
taka ka paseban
anu geulis jeung nu kasep kaputren
katunda nu geulis jeung nu kasep
nuju sosonoan oleng papanganten
atuh tina kituna kangjéng raja
nyaur lurah nagara panakawan Lengser
"Lengser”
130