"kulan”’
"ka dieu!”
jol Lengser ngadeuheus ka payuneun kanjeng raja
“gusti, kapandang naon?”
"eh, Lengser ayeuna jugjug kaputren bale bubut
saur dulur dewek eujeung carogena
buat kudu kairingkeun, nya”
"nun, mangga”
atuh mangkat Lengser ka kaputern nu geulis tea
"hatur pangapuntén, gan”
renjag anu geulis
”Lengser dek naon geus jebul deui bae?”’
"nun, abdi ngémban timbalan tuang raka
agan disaur sadayana
kédah kairingkeun ka paseban
kitu dawuhan”
atuh korejat nu geulis jeung nu kasep garubah
basikut darangdan
teu dicarioskeun dangdanna mah
mangkat nu geulis jeung nu kasep
diiring ku Lengser
tikaputren ka paseban
burubul saalung baju
barabat sawidak lima
daweungna mah ngabudi dayeuh
mani méndung méndung
méndung papayungan
payung augng karatuan
payung bawat kamenakan
payung rurumbe kancana
Ppayung rurumbe kancana
ka hareup ngala sajeujeuh
ka tukang ngala sajeungkal
angkatna mah anu geulis
tungkul satarimbang sému
tanggah satarimbang sémbah
daweung ngabudi dayeuh
mani méndung papayungan
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/132
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
131