Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ali cingcin dina cinggir
piduri dina jariji
inten jambrut di katahu
di kenca kaca banggala

ka hareup ngala sajeujeuh
ka tukang ngala sajeungkal
angkatna mah anu geulis
pating arulang panangan
tanding cihujan nu ngagarantung
dina pare tilu daun
dina pare keur gumunda
mani mêndung papayungan

”hatur pangapuntên, gusti”
”eh, Lengser datang?”
”sumun timbalan dungkap”
”mana dulur dewek teh, Lengser?”
”ieu”
”jeung picarogeeunana?”
”yaktos”
”yap ka dieu!”
atuh cut-cat, gak-gek
parantos pada calik
nu geulis jeung nu kasep
payuneun tuang raka tea
”ah rayi
nu matak jauh dijugjug anggang diteang
eta mah perkawis rayi teh
tong mulih deui ka nagara rayi
Pajajaran
ayeuna akang
baris nyerenkeun beisluit Kerajaan Kuta Tandingan
rayi dek diangkat Ratu Anom
mangga Tayi geura tampi!”
atuh sor nyodorkeun
tampi bisluit karajaan

ku Ratu Sungging Sungging Gilang Mantri
”nuhun êngkang sarebu suka salaksa

132