katêda kasuhun katarima”
”nyerenkeun nagara katut eusina
dudugana pêryogana
agamana kalayan darigamana”
”nampi êngkang
nuhun sarebu suka salaksa
kateda kasuhun katarima”
”ngan bae rayi
bisi aya kateusukan kabusukan nagara
cikal bugang jagabaya
pupucuk pêrang andelan deudeul nagara
akang baris neruskeun, rayi”
”nuhun, êngkang”
atuh tina kituna tuluy dipangdamêlkeun
paseban Kanoman
linggih di Kanoman
di Kuta Tandingan ngadeg Karajaan Anom
Ratu Sungging Gilang Mantri tea
”Lengser”
”kulan”
”ieuh, urang tas ngawinkeun
teu meuencit-meuncit
urang pesta teu olah-olah
mestakeun ngadegna Raja Anom sinareng patikahanana
ayeuna takol bende ka alun-alun
bewarakeun, parentahkeun kumpul
para ponggawa, panayagan
kayaning dalang wayang, tukang têmbang
topeng, ronggeng, dégung, calung, angklung
suling, bangsing, karinding, kacapi, réngkong,
hatong, penca, nya?
baris nyalametkeun nagara
nyaeta ngadeg Raja Anom sinareng patikahanana
jeung sugan aya nu nyarambungan
ti suklakna ti siklukna, man!”
”manga”
atuh korejat Lengser mangkat
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/134
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
133