"bawa naon atuh ti urang?”
"ih da teu dimisti, cênah!
sabogana-sabogana bae"
"kukumpul atuh kainyah!"
prak kukumpul
barang geus kumpul
"naon bawama ti urang?"
"ah, ti urang mah
tangtarakan-tangtarukan
pupucukan
pêntil lutung, anak maung
cangkilung, bangbung, gadung, iwung
tungtunan munding buntung
parabot degung jeung angklung
angklung dalapanpuluh rambangan
buatan Rangkasbitung
"lapuna balaganjur"
"sayagi, euy?"
"sayagi!"
"indit!"
tuluy indit
burubul anu ti kidul
aleutan para tumênggung
leugeudeut aleutanana
leugeudeut tanggeuyanana
eh, lengkong umbul-umbulna
biribit lampiranana
beleber bandera kancana
naon cacandakanana:
bawana gadung jeung iwung
tungtunan munding buntung
parabot dêgung jeung angklung
tutup kêndang kulit lutung
dirarawat hoe jangkung
kuluwung kuluwung ruyung
ditêpak ku para indung
beunang disarungan jangkung
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/137
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
136