Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

geresel dipeuncitan
murka: peuncitan tina buntutna
brés digodog kana kancah
gédene salawe deupa midér
atuh tuluy cul godogan salawe émbe
ber Lengser lumpat ka dapur
marentah olah
gugup marentah olah
"euh, tukang olah geura olah, yeuh!
ngawajit ditarasian
ngaborondong dioncoman
nyangu diményanan
ngasakan jantung dipindang
ngarah dicocol jeung daunna!”

prak tukang olah teh arolah
abong ceuk parentahna kitu
ngawajit make tarasi
ngaborondong make oncom
nyangu diményanan
ngasakan jantung ge dipindang

atuh ber Lengser lumpat
dek neang godogan salawe émbe tea
ana beh teh suwang euweuh bukuran
ngan rankleung buntutna wungkul
"edas, bukur angeun tingalajret di tégalan
beunang nyambaraan” cénah
kedewuk bae Lengser ngarawu sambara
tuluy ku Lengser
bers munding guyang disambaraan
katenjo ku para ponggawa
"naha Lengser kikituan, hah?
munding guyang bét disambaraan
atuh banyatkeun heula
peuncit di barina ge! ”
"edas, énya dewek teh gugup, euy!”
prak dibanyatkeun ti pangguyangan
népi ka hinyay da disambaraan ku Lengser
tuluy manggil sarat kaum

142