munding diiring dipeuncit
tukang meuncit ge dalapanan
ngaranna ki Alyaman, ki Alyamin
ki Alidan, ki Aludin, Japara, Japarudin
"pek pangmeuncitkeun kainyah, pek sarat kaum!
jampean heula kainyah!”
ari jampena teh sabilulah
kieu pokna:
”a ‘udu bisul minal cenang
korewal minal Kéréntil””
geresel!
“kitu jampena euweuh nu bénér sakitu ku dalapanan”
geus meuncit hiji piligénti
ku dalapanan
"kumahakeun ayeuna?”
prak disisit
"geus disisit bagikeun, keredanana, euy!”
“kulit jang saha?”
“tukang kéndang katut dalang
sébetkeun lamad”
"jang saha?”
"tukang rébab
rorongkong jang tukang goong
igana jang tukang gambang
jajando jang nu lalajo
dadana jang Lengser purah nu ngabagikeun
babat galéng jang panjak ronggeng
Peujit jang tukang kainding
eusi peujit jang tukang suling
acapna jang mérébot
akas-akas jang mas upas
daging rimpi jang murid katut guru
kerewedan jang nu bogana
nu bogana rawan-rawan
daging lamusir jang kusir
bayah jang lurah
kakampis jang juru tulis
témah ngipis jang nu geulis
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/144
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
143