daging hulu jang panghulu
letah jang kalipah
ati jang haji
jajantung jang pantun
kuluwung bujur jang tukang ringkung
boolna jang mandor
meunang ngeser ku daun kelor
daging cungur jang lêbe”
”edas, atuh beak pake kêrêdan kabeh kitu?”
“ah, keun bae!”
mangkat Lengser gagancangan ka paseban
rek unjuk hatur ka nu jadi ratu cenah geuning
barang nêpi ka pipir paseban
Lengser manggih kertas bangkarak
kop dicokot
teu puguh dibêkok ditilepkeun
tuluy ka paseban
katingali ku kangjeng raja
"mawa naon eta Lengser?”
“jiu gan mêndak sêrat paeh nun”
“baruk, kakara ngadenge dewek, surat paeh!
cing hayang nyaho!”
sor disodorkeun
dibuka pêlêdos mabék bau bangke
"bacot siah nyaluntang ka ngaraning
Ka nu jadi dunungan!”
“ih tamaha saha, gan
ceuk abdi surat paeh
naha atuh ku agan dipundut?”
“euh ênya, tamaha dewek kituna mah
keun bae, kumaha geus dipariksa
Para ponggawa panayagan?”
"parantos, nun!
tukang heot geus monyong
tukang sénggak geus calangap
tukang jêjêk geus jarengke wae”
"ambu....
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/145
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
144