Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 
ari silaing teu ngarasakeun ka diri batur
ari batur teu boga dikésél, hah
atuh titah sayagi-sayagi
wah népi ka kituna mah
keun we can népi kana waktuna ge
geura seungeut mariém
geura dér pesta, nya!”
”mangga”
“jig kaituh!"
bral mangkat Lengser teh

lugayna mah geuning tina pangligaran
gingsir tina pangcalikan
cécétrekan bari jojogedan
angkatna mah panakawan

adat panakawan angkat
jalan ditincak sisina
tengahna pijajagaeun
bisi pajah eta nincak juru sinjang
angkatna mah panakawan

barang népi ka alun-alun
disundut mariémna
lar suuuuut. .. . tek — gééééérrrr!
suuuut.. .. bajigur!
sundut kalangtaka nu panggédena
beunang ngobatan ti poe Salasa
obatna tujuh gantang
disundut poe Saptu
disada poe Ahad
laaaarrrrr suuuuuut gélégééérrrrr!
pesta geunjleung sajajagat
nganguruh lir ombak ing sagara
rep bumi mani asa kaindit
di Kuta Tandingan

surakna ngaindung lembur
ngabapa desa, eh
surakna ayeuh-ayeuhan, sugan
geuning surakna ngadaun cau



CARITA BUDAK MANJOR — 10

145