surakna mah onggol-onggolan
surak campuhna mah mani ginampuhan
"hah-heh-hoh heuyah hurseh eeeehhh"
sada kétuk sada kéndang
sada nu nakol salendro
sada nu nakol salendro
kétukna mah sada ungkut-ungkut
kéndang sada ciang-ciang, sugan
eh, turungtung sada tamburna
téréngténg sada rébab
mélas-mélis sada suling
daringding sada karinding
taretet sora tarompet
bajidor geus ngador-doran, sugan
simeut disambér saeran
hiberna mah ka nu pisitan
saha nu teu emut ka pangeran
tangtu jadi balad setan
tangtu jadi balad setan
aya lumut dina batu
aya keuyeup di muara, di muara
kudu emut kanau waktu
di dunya sakadar ngumbara
kudu daek Nginum jajamu
ngarah kuat kanu urat
ngarah kuat kanu urat
kudu getol daek ngelmu
hasilna dunya aherat
hasilna dunya aherat
Pipiti di bunga wari
nahap-nahap pada surat
Pangarti nyenangkeun diri
mangpaat dunya aherat
Mangpaat dunya aherat, geuning
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/147
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
146