Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngadenge sada kêtuk sada kêndang
sada nu nakol salendro
di mana tah nu tas tatalu
tanapi tas mamarung?”
”sanes, akang, nu tos tatalu
atanapi tos mamarung”
”naon atuh nyai?”
”eta mentas pesta di Kuta Tandingan
mestakeun ngadegna Raja Anom
sinareng patikahan nu geulis Agan Sumur Agung
saderek kangjeng RajaDipati Layung Kumendung”
gêbêg ratu
”nya kitu, nyai?”
”sumuhun timbalan, raka!”
”beu, ka urang mana boga salakina
Sumur Agung?”
”Ka urang Nagara Pakuan Pajajaran
putrana menak Pakuan Pajajaran
nu kasep Ratu Sungging Gilang Mantri”
”ingêt bareto akang boga panadaran
cacarekan
baring sukpagi ditikahkeun ka deungeun-deungeun
boh ka saha bae
dek nyambungan ku gêgêndir beusi
bobot tilu ratus kati
ayeuna bisi ditagih ku nu gaib
dipariksa ku nu kawasa
diteang baris bayar bukti
dek dilubarkeun panadaran akang”
atuh basikut dangdan
dangdan pêrjurit
rap duhung kop tudung
rap cabang kop kolewang
rap bedog top jojodog
parang, congkrang, baliung, balincong, suligi
cagak, tumbak, gegep, martil

jara, jarum, jeung kukular
riyêd panggul gêgêndir beusi
bobot tilu ratus kati

150