Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/153

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

rempan manah
rayi calik-calik di Kanoman
akang baris nguruskeun, rayi!“
atuh tina kituna
Ràden Dipati Layung Kumendung
basikut dangdan pêrjurit
tutasdangdanna
pamit mangkat
”nyuhunkeun pidu’a, rayi”
”mangga, kang
salamet tilar
salamet kelar
pareng nemu kana rahayu
ulah nyorang pancabaya”
kaluar ti Kota Nagara
buat ngayonan nu nangtang perang tea

lugay tina pangligaran
gingsir, eh, tina pangcalikan, geuning
geus kaluar ti Kota Nagara
manpkatna teh

atuh gok eujeung nu keur ngacacang
nangtanp pêrang
Raden Pati Heulang Sangara
”aing dek nangkep bangus sia, deuleu!”

”mantog, jig kaituh!
aing sangeuk diadu jeung sia!
moal seubeuh
datangkeun
salakina si Sumur Agung”
”aing moal mundur sasiku
ngejat salengkah!
cadu ngejat ti kalangan perang!
moal, aing palid di cileuncang
papada palid aing di sagara
di sagara napak kancang
metakeun pangadiwasa
sakumaha moal burung ditadah!”
”eh, Dipati Layung Kumendung!

152