Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mangkatna teh
atuh gok eujeung nu nangtang pêrang
Geger Malela tea
”naon ta teh, hah?
kawas bangbung waduk
kawas kapal keduk
tukang susuluduk”
”aing Budak Manjor, deuleu!
cikal bugang jaga baya
pupucuk pêrang
andelan deudeul nagara Kuta Tandingan
dek nangkep bangus sia”
”kurang ajar!
aing sangeuk diadu jeung sia
eleh era meunang era
sangeuk diadu jeung nu goreng patut kitu”
”montong loba cungur!
êngkeun wani geura lawan!”
”memang”

atuh narajang yen Geger Malela
nyabut gobang si Welang Kancana
”tampanan sênjata aing
gobang si Welang Kancana!”

”sok pilihan kulit nu uduh!”
biribit kadia tatit
barabat lir kilat
baranyay kadia kunang-kunang liar
rontok pinganyok
bêt, siêt, sampiung
lar, gonjrang!
mani ngangên jreng lir beusi keuna kana waja
salira Budak Manjor teh
lar, gablog!
lar gamplêng! lar bêk!
lar jêbet! lar jêkek!
lar jêger!
totosan bojana kulit
teu bentol-bentol acan

160