disepakan didupakan ku Kidang Lumayung
“hayu cuang tapung adu lawung
ngisis kabecikan
ngêmbar pangawasa
ngadu pangaweruh
bijilkeun cikal bugang
Jagabaya pupucuk perang
andelan deudeul nagara
Kuta Tandingan”
atuh ngeng kadenge ray karasa
ka nu boga nagara
”rayi, geus jêbul beui tah
musuh ngungkung braja nangtang wisaya, rayi
moal salah urang Kadu Pandak
Kidang Lumayung
lantaran sono bogoh teu kalakon
hayang teu kasorang
tapi, keun tong pake miris galih
rempan manah
maol sapira urang Kadu Pandak”
”kang, calik-calik bae di paseban
kaluarkeun deui bae eta Budak Manjor!”
atuh gejlig yen Dipati Layung Kumendung
ngaluarkeun Budak Manjor
tina tempatna eta garogol tea
”eh, Budak Manjor! keperih gawe!
ayonan tah nu nangtang pêrang
urang Kadu Pandak”
”nun, ngêmban satimbalan
ngiring sapangêrsa
condong ka papagon”
pamit mangkat kaluar kota nagara
buat ngayonan nu nangtang perang
tea, nun”
lugayna mah tina pangligaran
gingsir mah geuning tinu pangcalikan
geus kaluar ti Kota Nagara
atuh gok bae
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/168
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
167