jeung nu ngacacang nangtung perang
Kidang Lumayung
di tapêl-watês nagara
“eh, dek naon sia jor-jor ka dieu, hah?”
”aing dek nangkêp bangus sia, deuleu!”
”mantog deui kaitu!
aing sangeuk diadu jeung sia
moal seubeuh!
aing eleh era meunang era
kawas bangbung waduk tukang susuruduk, hah!
kawas kapal kêduk”
“eh, aing cikal bugang
jaga baya pupucuk perang
andelan deudeul nagara Kuta Tandingan
ngaran Budak Manjor
kajeun teuing rupa kieu
aing dewa kamanusan!
hayoh mêtakeun pangadiwasa
sagala rupa moal burung ditadah!
pilihan kulit nu uduh!”
”nyata kêras lamun kitu?”
”memang!”
atuh dicabut gobang si Welang Kancana
biribit kadia tatit
barabat lir kilat
baranyay kadia kunang-kunang liar
sabet eta Budak Manjor
lar, gonjrang!
lir beusi keuna kana waja
mani ngagênjreng salirana teh
lar, gablog!
lar gamplêng! lar bêk!
lar jêbet! lar jêkek!
lar, jêger!
totosan bojana kulit
teu bentol-bentol acan
alukmanan ruksak
gobangna rikês jadi tilu
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/169
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
168