Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kidang Lumayung sot gobang ganti bedog
cul bêdog ganti keris
sot kêris: cagak, tumbak
parabot taya nu muat ka salira
Budak Manjor tea
"sing iatna, kurang ajar!
tampanan gêgêndir aing sagêde munding saadi!
sakali mabuk, bubuk hulu sia
amblês kana bumi!”
"hayoh, pek!
moal mundur sasiku ngejat salengkah”
atuh narajang
babukkeun gêgêndir sagêde munding saadi
babukkeun ka Budak Manjor
lar, gêlêpuk!
lar bêk! lar jêbet!
lar jêkek!
lar, pro!
buubk gêgêndirna
oh, Kidang Lumayung!
geuning gêgêndir koropok!
hayoh naon deui?
maka dibabawa dibabanjut ka dieu!”
"montong ngan ngungucap kitu!
lamun ênya sia wani geura ngalawan!”
”memang! moal burung aing ngalawan!
moal aing ku parabot!”
narajang atuh Budak Manjor pin
gabigkeun harigu nu nyodor sadeupa midêr
lar, gêlêpuk!
jungkêl! jêjêkan!
bek! kusek! mati kapidara Kiang Lumayung

atuh ngeng kareungeu ray karasa
ka tuang saderek anu istri
Agan Candrawati Aoi
"duh, dulur bejana geus ngajêhjêr
di kalangan pêrang
kumaha teuing aing ieuh, geuning

169