lamun teu buru-buru taluk
tangtu meureun aing dipodaran
menta tulung-tulung ka saha
lumpat-lumpat ka mana
ku kituna dek nyuhunkeun hirup kalawan muripna"
atuh tuluy prail mupakat saahli waris saahli wajib
alo kaponakan
mangkat Agan Candrawati
jeung saderek-saderekna
nyampeurkeun ka nu tas perang tea
bral mangkat
mêndung-mêndung papayungan
payung agung karatuan
tokecang!
payung bawat kamenakan
payung rurumbe kancana
payung rurumbe kancana
tokecang!
anu montok gêde kacang
tungkul satarimbang sêmu
ali cingcin dina cinggir
tokecang!
anu montok dagang kacang
pating arulang panangan
tokecang!
jauhna mah urang cundukkeun
angganena urang datangkeun
tokecang!
atuh geus gok jeung nu mêntas pêrang
“tah! dulur sia geus ngajêhjêr sarupa kitu
dek ngabelaan sia atawa moal?”
“nun, bujêng-bujêng
diri abdi dek nyuhunkeun hirup kalawan huripna
dening dulur kumaha pangêrsa
dipaehan da parantos paeh
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/171
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
170