Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/174

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

di mana tah nu tas tatalu
tanapi tas mamarung?”
"nun, êngkang sanes nu tas tatalu
tanapi nu tas mamarung
nyaeta nu mentas pesta urang Kuta Tandingan
mestakeun ngadegna Raja Anom
sinareng patikahan nu geulis Agan Sumur Agung
saderek kangjeng raja Dipati Layung Kumendung”’
Gebeg Raden Pati Gajah Ngambung
nya kitu, nyai?”
"sumun timbalan raka”
"beu! mangka anak urang ngalêngkur bae tatapa
nya euweuh kapuguhan kapêngkuhanana
urang Kuta Tandingan”
apan geus nampa panglamarna
disanggupan pamundutna
saha-saha nu tapa lamina tujuh taun
baris picarogeenana
ahir barang kitu kalakuan
jalir tinu jangji
udar tinu subaya
urang Kuta Tandingan”
atuh tina kituna Raden Pati Gajah Ngambung
Giwang Rarang
nyaur lurah nagara panakawan si Lengser
"Lengser!”
"kulan”
"ka dieu!”
jol Lengser ngadeuheus ka payuneun kangjeng raja
"gan, kapandang naon?”’
"eh, Lengser wayahna indit Aol
jugjug tangkal kai
kiara jingkang dopang malang
gugahkeun anak
nyaeta nu kasep Raden Pati Kuda Pamekas”
"mangga”
“yen cek paripaos tea mah
dogong-dogong tulak cau
geus kolot dipaling lalay

173