ayeuna yen urang Kuta Tandingan
euweuh kakukuhan puweuh kapengkuhanana
jalir tinu jangji
udar tina subaya Agan Sumur Agung geus dikawinkeun
ka deungeun-deungeun
geura hudang kituh!
teu guna-guna!
hayoh ka ditu gancang!”
"ngêmban satimbalan ngiring sapangêrsa”
korejat si Lengser mangkat
têrêlêng apeng-apengan
kekencengan bari babandengan
ngaberung lir kuda mabur
lepas batan babalapan, sugan
atuh beh katingali
yen keur ngagoler bae di handapeun
tangkal kai kiara jingkang dopang malang
Raden Pati nu kasep Kuda Pamekas tea
"gan, geura gugah!
abdi ngêmban timbalan tuang rama
cek paripaos tea mah, raden
dogong-dogong tulak cau
geus kolot dipaling lalay
ayeuna yen Agan Sumur Agung
parantos ditikahkeun ka urang n Nagara Pajajaran
urang Kuta Tandingan
euweuh kakukuhanana euweuh kapengkuhanana
Jalir tinu jangji
udar tinu subaya”
atuh korejat anu kasep Kuda Pamekas
"ambu, ambu”
seblak ningali Lengser
“nya kitu, Lengser?”
yaktos nun, abdi ngemban timbalan tuang rama”
atuh korejat gugah
reup beureum ray pias Kuda Pamekas
mangkat mulane tina pangtapaanana
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/175
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
174