Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/186

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

atuh nyiruna balangkeun
beeeerrr. . . . . .
jlêg murag dina lahan
nu ayeuna disebut Sukanyiru
atuh huutna disebut Pasir
ari mocongeun dan dibalangkeun
bêr, murag di Limbangan
ari pare hancana nutu balangkeun
bêr
murag ka lebakkeun Gunung Lisung
nu ayeuna disebut Ciparay
ari beas beunang nutu balangkeun
ber
murag di tanah Sumedang
anu disebut kiwari Pasir Pabeasan
kitu cek catur galur nu kapungkur
caturangga nu baheula
nu ayeuna sakadar bejana
“lis, ayeuna urang teh euweuh pangaji
kajeun teuing patut têrus ratu
remêbêsing kusumah
tapi patut rupa kieu pada ngahina bae
kajeun teuing terah raja, terus ratu
urang dumeuheus ka nu jadi ibu
ayeuna geus diubrak-abrik, yeuh!”
“nun, êngkang nuhun sarebu suka salaksa
seje ngiringan kitu, kang
taya pangaji!”
"bari sakalian urang nyuhunkeun salin jinis
ka nu jadi ibu
euweuh pangaji urang teu diajenan
pangaji saduit"
atuh tuluy pada-pada ngawatêk ajianana
ajining maruta
ajining elmuna

maruta angin
kersana baris niringting langit
narangtang mega

185