rupa teu mupakat jeung nu loba
baris menta salin jinis”
"nya kitu, ibu
taga ajen saduit
cek paripaos tea mah loba nu ngahina”
“moal burung tinêkanan :
hasil maksud"
atuh kumpulkeun golongan para sawarga sadayana
sawarga padang eusina opatpuluh
sawarga Suralaya
sanghiang Mani Maya Giwang Pramesti dewa Batara Guru
kalayan balatantara para dewa
kayaning batara Bacukit, batara Baraham
batra Jaya, batara Bayu, batara Wisnu
Sanghiang wenang, Panji Narada
kumpul sawarga pirdos
bental mukêdas para malaikar opatpuluh dua
kumpul di kahiangan Sawargaloka manggung
prak prail mupakat badantên sadayana
"lamun kitu mah atuh Budak Manjor teh
jeung pun Gênjru baris urang kudu dilokat”
"rémpug” ceuk sadayana
Budak Manjor jeung pun Gênjru baris dilokat geuning
atuh prak ngagodog timah dua godogan
dina kancah gédena tujuh deupa mider
ngagoplak podogan timah
angkat
bres geuning Budak Manjor jeung pun Gênjru
digodog kana godogan timah tea
atuh geuning lila di tila diangkat
tina panggodogan timah
alihkeun kana panggodogan rajasa
baris digodog jeung rajasa
Budak Manjor jeung pun Gênjru
ngagoplak digodog jeung panggodogan rajasa
angkat deui tina panggodogan
alihkeun kana panggodogan tambaga
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/192
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
191