ngagoplak digodog jeung tambaga
jadi dua godogan
atuh angkat deui ti dinya
alihkeun brês jeung kunin gan
Budak Manjor jeung pun Gênjru teh
ngagoplak digodog jeung kuningan
angkat tina godogan kuningan
alihkeun kana panggodogan parunggu
digodog eujeung parunggu
Budak Manjor jeung Gênjru
alihkeun diangkat kana godogan beusi
baris digodog eunjeung beusi
Budak Manjor jeung pun Gênjru tea
diangkat deuj tina panggodogan beusi
alihkeun kana panggodogan waja
baris digodog eujeung godogan waja
Budak Manjor jeung pun Gênjmu tea
alihkeun deui kana panggodogan perak
digodog jeung perak
Budak Manjor jeung pun Génjru
ngagoplak digodog jeung perak
angkat deui kana panggodogan suasa
ngagoplak jeung godogan suasa
angkat alihkeun kana panggodogan emas
baris digodog sarêng êmas
baris godog sareng emas
salin rupi êmas sainangling
angkat tina panggodogan êmas
alihkeun kana panggodogan inten
geus digodog jeung intên
barang digodog sarêng inten
ancur! anyut!
ngajadi hiji jeung godogan intên tea
Budak Manjor jeung pun Gênjru
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/193
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
192