ka hareup teu bisa maju
ka tukang teu daek mundur
ngan uat-ueut
"naon ganjaran siksaan
laku lampah di dunya kitu barisanana”
"jalma nu teu rumasa yen diri teh bodo
takabur : jempe ku aing moal teu cageur
padahal anging seja Alloh
kitu barissanana”
maju deui ti dinya ningali
rupi istri keur muntab-muntab
bijilan seuneu tiha sungutna teh
"naon ganjaran siksaan laku lampah di dunya
kitu barisnana”
"ety nu sok goreng carek ka carogena
kitu barisanana”
ningali rupi istri rupi pamêgêt
nu ditiir ku beusi hurung dina êmbun-êmbunannana
parat ka palawangan handap
sarta saluar awak bijil nanah jeung gêtih
"naon ganjaran siksaan laku lampah di dunya
kitu barisanana”
“eta mun lalaki sok numpakan pamajikan batur
mun awewe sok mangjinahkeun ka carogena
kitu barisanana”
ningali geuning rupi istri
yen letahna sadeupa midêr
nutupan laranganana
"naon ganjaran siksaan laku Jampah di dunya
kitu barisanana”
“eta awewe nu sok ngabeel, kitu”
ningali geuning Tupi istri keneh
bobokong dipohpor jêmblong
naon ganjaran siksaan laku lampah di dunya
kitu barisanana"
"eta nu sok pista ka carogena teh”
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/197
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
196