ningali rupi istri keneh geuning
nyusun hileud sagêde gulungan kasur
“naon ganjaran siksaan laku lampah di dunya
kitu barisanana”
”eta nu boga anak rampus nyusu
pêgat (pêpêgatan?)
dibeikeun ka nu jadi bapana
kalawan pondok umurna
kitu barisanana”
ningali rupi istri keneh
diharuapan ku barudak ku ruhak api naraka
diinuman godogan timah
"naon anu kitu”
“eta anu rek percaya ku nu kawasa
kagungan kakandungan sok dipencet
kitu barisanana”
maju deui ti dinya ningali rupi lalaki
beuteung pake tahanan beusi hurung
"naon ganjaran siksaan laku lampah di dunya
kitu barisanana”
“eta siksaan tukang panday
nu sok nakal tur ngarinah
kitu barisanana"
ningali deui rupi lalaki
beuteung pake panglampus
”naon ganjaran siksa laku lampahna di dunya
kitu barisanana”
”eta siksaan tukang paledang
nu sok nakal tur ngarinah
kitu barisanana”
maju deui ti dinya
ningali geuning ramo rampung, meureun
"naon laku lampah di dunya
kitu barisanana”
“eta siksaan tukang kamasan
anu sok nakal tur ngarinah
kitu barisanana””
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/198
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
197