Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/199

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ningali rupi lalaki
beu, geuning diheupit ku beusi
"naon ganjaran siksaan laku lampah di dunya
kitu barisanana”
"eta nu sok mêrgasa pamajikan
kurang munasabat tinu kasalahanana
kitu barisanana”

ningali rupi lalaki
dibarogod rante beusi
"naon ganjaran siksaan
laku lampah di dunya
kitu barisanana”
"eta tukang babadog rarampog ngabangsat maling
teu dipêtek jampena teu katimu elmuna
kitu barisanana”

ningali geuning rupi lalaki
nungtun sapi nungtun munding
rênyut bilatung digêmbrong aro
”ku naon pang nepi ka kitu?”’

"nu sok hajat kurban
teu sah tina panghajatanana”

ningali nu nyanghareupan congcot bakakak
sabeulah aya jangjang wuweuh suku
sabeulah deui aya suku euweuh hulu
”eta nu sok ngarosulkeun
teu sah tina pangrosulkeunana”

ningali nu ditojo sarangenge tujuh
"naon pang kitu”
“panasan hate pidik ka rêjeki batur”
ningali budak lanjang budak bujang
anu direrab ku api naraka
"ku naon pangkitu”
"eta sok mungpang parentah bapana
mangpaung tara nurut ka piwuruk indunena
kitu barisanana”

198