Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/200

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ningali geuning rupi lalaki
ramo rampung, biwir ditiir, letah dikeureutan
"naon pang kitu?”
"ganjaran siksaan
dalang wayang, dalang reog, dalang pantun
kitu barisanaba”

"geus nêpi kadieu, ujang!
ujang geura turun deui ka dunya
nya turun ka nagara Kuta Tandingan deui
kumawula ka nu jadi ratu”

atuh geuning ngêmban satimbalan
sapangêrsa kangjêng ibu
lugay anu kasep jeung nu geulis
ti kahiangan
nyukang kilat panjang
alam padang poe panjang
nangtung lir kuwung-kuwung
cicing lir katumbiri
kaluar tina baru pacakup cadas patenggang
lawang sawarga kahiangan
bral geuning

lungsur geuning tina langit ka tujuh
bras ka nu ka gênêp
korejat ka nu kalima
lar ka nu kaopat
têrus lungsur ka langit ka tilu
1êbêt ka nu kadua bras ka nu kahiji
bray mani mangplang narawangan
mangplong norowongan
sirorot sumeot lir totona
sumiripit tanding iprit
tarik batan mimis bêdil
lêpas batan kuda lumpat
kêncêng batan pasêr, eh
gek eureun heula sakeudeung
sidengdang ucang-ucangan
di awang-awang
di mega maja gantang

199