atuh tina kituna
yen anu kasep têrus nyengledkeun
raja banda urang Kuta Haralang
sabubuk samerang awi taya nu kari
digulungkeun
cat unggah kana kaputren
ngan Aci Haralang keur kulem di kajuaran
gulungkeun jeung kasur samalangna
angkat, brêk tumpangkeun
kana raja—banda
tuluy ngadamêl surat
kieu unggêlna sêrat
"eh, Gajah Malang!
bisi teu nyaho awak maneh
anu nyandak tuang garwa (saderek?)
sinarêng raja — banda
Budak Manjor!
lamun ênya lalaki langit lalanang jagat
susul ka nagara Kuta Tandingan!
sarehna aring rumasa boga balitungan
jaman katukang-tukang
sing ingêt, Gajah Malang
maneh ngeunah keur ngêdêng (?)
lamun ênya lalaki langit lalanang jagat
susul ka nagara Kuta Tandingan”’
Sanggeus kitu ditawis
geus ditawis dirapêt kana taarna
Raden Pati Gajah Malang tea
atuh riyêd dipanggul
”man, urang mulang ka nagara Kuta tandingan!'
anu yeulis atiring ku nu kasep
nyandak raja-banda ti Kuta Haralang
bral mangkat geuning
lugayna mau tina pangligaran
gingsir tina pangcalikan
gandeuang menak anu gandang
hariring mantri nu ginding
sorana mah geuning milawung kancana, sugan
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/202
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
201