anu disiksa ku sia tea, deuleu!”
"eh, Budak Manjor lain rapa kitu
goreng patut deuleu
kawas bangbung waduk
kapal kêduk tukang susuruduk”
“nya aing nu ngaran Budak Manjor!
geus Salin jinis, ngaranna ge
Sutra Kalang Panggung Aria Mangkunagara
julukan para dewata
anugan ti piibuan
pangeran ti kahiangan Jaksa Ahlul Tapa
hayoh deuk males pulih, kula teu ngareunah
maleskeun diri kaula
jeung ju jadu dulur
pun Gênjru nya kitu disiksa
tampa dosa!
kena-kena ka nu hina
euweuh pisan rasrasanana”
"nyingkir! teu nyaho aring Gajah Malang!
urang kuta haralang!”
"montong ngucap kitu deuleu
moal undur sasiku ngêjat salengkah
cadu ngejat ti kalangan pêrang!”
”memang!”
pakêrêng-kêrêng
atuh geuning lar, gabrug
gêr galungan!
silih sepak, silih dupak
silih angkat silih beubeut
sili banting binantingan
sered sineredan
ngadu gobang ngadu bêdog
bari teu ijenanana
lar gablog! lar jêbet!
lar jêkek, hol polotot!
lar jag! lungsar..... ..
Gajah Malang kabalangkeun
narajang korejat sugah
dek males pulih
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/213
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
212