Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/218

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kês pungkês
kapungkês ku rajah pamunah
ku au Purba Galih Pakuan
nu ngageugeuh Pajajaran

lain samunah-munahna
munah tanah katut imah
sarawuh bumi katut langit
sarawuhi jeung eusina
munah beurang kalawan peutingna
munah taun dalapan
bulan duawêlas
poe tujuh
dawuh lima
munah badanna katut bandana
munah ragana katut nyawana
munah hartana katut caritana
munah kayu katut batu
munah awi katut beusi
munah beusi katut sri
sri wêsi braja manusa
dat ilat manjing ilat
sup kayu ka kurungan
allahuma rajah pamunah
munah kayu munah batu
munah bumi munah langit
kapuanh kapunih
ku rajah pamunah saking kidul

Allahuma rajah pamunah
munah kayu munah batu
munah bumi munah langit
kapunah kapunih
ku rajah pamunah saking kulon

Allaahuma rajah pamunah
munah kayu munah batu
munah bumi munah langit
kapunah kapunih
ku rajah pamunah saking kaler

217