Ieu kaca geus divalidasi
LALAKON BUDAK MANJOR
mangga nyanggakeun
pangarum nyata ka karuhun-karuhunna
den Ajip Rosidi sarimbit
ayuhunkeun pitulung ditalingakeun
ka gustina
ka para nabina
ka sahabat
ka malaikat
mangga nun
nyanggakeun lagu engko
lengkong laila ilaha ilallah
Muhammaddurasulullah
lailaha ilallah
Muhammaddurasulullah
kita aturannana
hormatan ka nu jadi karuhun
bismillah dijieun nu mimiti
malah mandar padang ati
disa'ir bada ka gusti
di aherat jadi mukikiya
ari sakabehna puji
kagungan Allah nu sauiji
mugi tetep rahmat salam
ka Nabi alaihi salam
ka sahabat sakalian
sarta kulawarga pisan
ai sahabat sapaerti bulan
nu nyaangan dunya alam
21