la ilaha ilallah
Muhammaddurasulullah
kitu autanana
hormatan ka nu jadi karuhun
kembang beureum nu bareureum
kembang bodas nu barodas
kembang hejo tigarejo
kembang beureum nu bareureum
kembang beureum buah hideung
pikir kuring nyaliara
kembang beureum nu bareureum
kembang bodas buah bunder
nya hate bati ngaderuk
kembang beureum nu bareureum
Sasawi jadi di cai
sadalah dikumahakeun
kembang beureum nu bareureum
pun sampun
ka luhur ka sang rumuhun
ka handap ka sang batara
ka batara ka batari
ka batara Naga raja
ka batari Naga sugih
amit ampun ka nu ngemeng Caringin Sunan
agungna ka kanjéng gusti Rasulullah
jembarna ka kangjéng nabi adam
ka kengjeng nabu sulaeman
singgétna ka kangjéng Nabi Muhammad
ka para sahabat aanu opat
Abu Bakar
Umar
Usman
sareng Ali
ka para malaikat nu opat
Munkar
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/23
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
22