Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jembar ka bujangga Seda
ka bujangga Sakti
ka pohaci Naga Gana
ka pohaci Naga Gini
ka pohaci Jaka Sadana
Sri Sadana
Anggana Anggana
ka pohaci Langlang Buana
ider buana
ka malaikat Mukarana
ka handap ka kadatuan
nunceb ka bagal buana
sarengga dewata dua
ruhiang bangga
ruhiang bango
ruhiang
ka tampa suka
ka bacukat
ka bacukit
bisi aya bumi nu kalêpit
bisi aya jagat nu kalêpat
ka nu sumare di dasar bumi
ka pohaci Pangayuh bumi
ka pohaci rincik bumi
ka Nyi Dewi Pertiwi
ka nu calik di gunung Padang Kulon
ka Prabu Ratu Galuh
ka ua buyut Murugul
ka sang Mantri Agung
nu tapa di jero gunung
ka ua Purba Galih.
anu nangkes Pajajaran
mimitina taun alip bulan Mulud
tanggal opat welas
poena poe Salasa
jisim abdi nyuhunkeun
pangrajahkeun
pangmunahkeun
pangnyinglarkeun

25