Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

oray brahma ti kidul
oray brahma ti kulon
oray brahma ti kaler
oray brahma ti luhur
oray brahma ti handap
ti têngah ku rajah pamunah
kes pungkês
kapungkês ku rajah pamunah
ku ua Purba Galih Pakuan
nu ngageugeuh pajajaran
lain samunah-munahna
munah tanah katut imah
munah cai katut langit
sarawuh jeung eusina
munah teurang kalawan peuting
munah taun dalapan
bulan duawelas
poe tujuh
dawuh lima
munah badan katut bandana
munah ragana katut nyawana
hartana katut caritana
munah kayu katut batuna
munah awi katut beusi
beusi katut sri
sri wesi braja manusa
dat ilat manjing ilat
sup bayu ka kurungan
Allahuma rajah pamunah
munah kayu munah batu
munah bumi katut langit
kapunah kapunih
ku rajah pamunah saking kidul

Allahuma rajah pamunah
munah kayu munah batu
munah bumi munah langit
kapunah kapunih
ku rajah pamunah saking kulon

28