Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

atuh cênah kituna kangjeng raja
nyaur lurah nagara Panakawan
Batara Lengser
”Lengser
”lan”
”ka dieu!”
atu jol panakawan ti kolong paseban
tina kasur injuk tujuh susun
kojengkang panakawan kaluar
totojol
”hatur pangapunten, gusti”
gek calik di golodog bari gêl ngaitkeun gado
kanu bangbarung panto
katingali ku kangjeng raja
atuh mani nangoh
kawas anjing hayang barang lêbok
”ambu, ambu, ambu
Lengser tateh?”
”sumun timbalan”
”ka luhur atuh!”
”sumun timbalan, di hadap bae, gan”
”eum, teu umum, ka luhur!”
”di handap bae panakawan mah da somah, gan”
”oh Lengser, ka luhur! ka luhur!”
adat karojet cêlêgêdêg calik kana meja
cung nyembah ku dampal cokor
”ambu, ambu, ambu
ampir surudut kanu irung dewek ceneh euy!”
”keun bae gan da ari ampir bae mah
da salah agan”
”kumaha pang salah dewek?”
”Lengser geus di handap ngan ka luhur!”
ka luhur kalepasan teuing cenah, nun”
”jadi lain dihaja?”
”pikraku gelo gan ari dihaja onaman!”
”pek atuh diuk siang bênêr!”
gek calik sila ipis mani ngempring
sumendok bari sumungkêm
tungkul satarimbang sêmu

38