”oh Lengser na dangdan teh ngused wae
êngges”"
”parantos, gan”
ana beh katingali ku kangjêng raja
”na aya beunang dangdan
bêt ngambay keneh kana cecekolan, hah?”
”selerna, gan”
”na kaumaha atuh dangdan teh?”
”duka gan, duka cawêt nu heureut
duka gagaduhan nu panjang teuing
nga burasel bae nun”
”ah, piraku deui cawêt nu heureut onaman
bobogaan silaing meureun nu panjang teuing”
”ah, da teu pira gan
panjangna sakaki satengah jaba huluna cênah nun
”gêdena teu pira, gan
sacêkêl dua ramo
jaba kulit nu nyinglid kituh”
”tong loba carita, deuleun!
takol bênde tangarakeun bewarakeun :
kumpul!
dulur-dulur para ponggawa
patih, mantri, rangga, dêmang
biskal para santana
bejakeun tukang gobak tukang tembak
tukang sepak tukang talipak
baris ngasrak leuweung
moro lutung tujuh likur
monyet salawe jaralang sawidak
ayeuna gagancangan”
”ngêmban satimbalan ngiring sapangersa”
korejat ber Lengser mangkat
adat panakawan angkat
angkat sakalumpat-lampet
buah birit mani hapa
balas kababukan keuneung
plak-plek plak-plek
kawas cangklek tinggaraplek
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/42
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
41