lajeng blus nyaksrak leuweung
pada maju ka tengah
milari eta lutung tujuh likur
monyet salawe jaralang sawidak tea
atuh wêleh teu mêndak
bujêng geuning lutung tujuh likur
monyet salawe jaralang sawidak
teu mendak tai-taina acan
cêk paripaos teana mah
teu dicarioskeun lamina
atuh parantos dugi ka têngah leuweung
amprok di dinya têpung
ti kidul jeung golongan para tumênggung
ti wetan golongan para kumendang
ti kaler golongan para bupaten
ti kulon golongan para kaliwon
barang geus disaksrak eta leuweung
jurang jungkrang diteangan
nu bala nu repet ge
wêleh teu kapendak naon-naon eta geuning
ceuk paripaos tea mah
bujêng-bujêng tujuh likur lutung
monyet salawe jaralang sawidak tea
teu manggih tai-taina acan
atuh budal sadayana para ponggawa ti leuweung
balangsiar teu beubeunangan
atuh tuluy bae
kumpul para ponggawa sadayana
ka paseban
unjuk haturan ka kangjeng ratu
yen perkawis lutung bujeng tujuhlikur
monyet salawe jaralang sawidak
teu mendak tai-taina acan
ceuk paripaos tea mah
atuh raheud kangjeng raja teh
”ambu kumaha ieu?
poka Agan Aci Haralang
lamun can kacumponan eta kapalay
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/47
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
46