Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

adat panakawan angkat
jalan ditincak sisina
têngahna pijajagaeun
bisi pagahkeun nincak juru sinjang
jauhna urang cundukkeun
anggangna urang datangkeun

atuh jag lantung Lengser
nepi ka tempat Aki Penyumpit Nini Panyumpit
”sampurasun nun!”
atuh jo Aki jeung Nini kaluar
seblak mingali ka Ki semah
tuluy sina calik
parantos-alik dipariksa
”nun tatamu jauh
baraya anggang ti mana
ti mana
bade angkat ka mana
naon anu diseja?”
”eh, Aki
kula teh lurah nagara Batara Lengser
anu manggul piutus ratu
ngemban timbalan kangjeng raja
suku darma sambung lengkah
biwir sambung lemek
jurungan ti nagara Kuta Haralang
raden Patih Gajah Malang
sarehna saderekna ngangluh
palay tuang iwak lutung tujuh likur
monyet salawe jaralang sawidak cenah
ayeuna Aki diperih pati ku gusti
buat kudu caos lutung tujuh likur
monyet salawe jaralang sawidak
lamun teu bukti
biheung teuing aki meunang hukum pati”

renjag Aki jeung Nini
”sakitu!”
undur katingali punduk
dungkap katingali tarang

48