Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

abdi rareuwas teuing
tara-tara ti sisinantêneun”
”oh, ujang nyai!
ayeuna ujang jeung nyai teh
baris pisah jeung ibu
ti alam rahmat di alam ni'mat
ti pangersa Gusti Allah
anu kegungan bumi langit katut eusina
ujang jeung nyai teh kudu ngumbara
ka kolong langit ka alam dunya
buana Panca Tengau
nya turun

nyaeta ka Babakan nenggang
ka Pakuan Aki penyumpit Nini Panyumpit

ari dahareun mah menta
sabrang beureum eujeung bawang berureum bae
di dinya loba keur meujeuhna eta
pakebonan eta Aki jeung Nini
man!”
geus ngemban satimbalan
”ngiring sapangêrsa ibu
nyuhunkeun kurnia pidu'a ibu”
”man, didu'akeun!
masing numbuk kana rahayu
ulah nyorang pancabaya
atuh lugay di kahiangan sawergaloka manggung
budak manjor sinareng pun genjru
nukang na rat panjang
alam padang poe panjang
kaluar tina batu patêgês patenggang
lawang sawarga kahiangan
lungsur geuningan ti jabaning langit tujuh
atuh bras ka nu kagênêp
korejat ka nu kalima
lar ka nu kaopat
terus lungsur ka nu katilu
korejat ka nu kadua
lar bras ka langit kahiji

52