Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

monyet salawe jaralang sawidak
baris nyuhunkeun tina sarupana sahiji”
”sawios ujang”
atuh mangkat Aki jeung Nini
diiring ku Budak Manjor ka leuweung tea
mangkat geuning

lugayna mah geuning tina pangligaran
gingsir tina pangcalikan
nyorang leuweung ari sakeukeudeung
nyorang lêbak sabengbatan
tanding pitik parulang mandi
tanding paok moro bojong
tanding ciung moro ka gunung
moro pangrungrumanana
ka mana jugjug purunna
ka mana dungkap datangna
undur satalanjung jauh
angkat saparentang anggang
beuki jauh marangkatna teh
atuh jag lantung
nêpi geuning ka palebah tangkal kai tilu ngariung
nyaeta tangkal tangulun, kai bungbulang
jeung kiara jingkang, numpang malang
rêg di dinya eureun Budak Manjor teh
Aki jeung Nini nurutkeun eta Budak Manjor tea
”Aki, Nini ayeuna kudu peureum heula sakeudeung”
atuh cenah kituna
nurutkeun ka Budak Manjor
tina kituna Budak Manjor jeung pun Genjru
nunuhun ka nu maha agung
nênêdana ka nu kawasa
”nuhun ka ibu
nyuhunkeun jiad ibu
hoyong buktos eta lutung tujuh likur
monyet salawe jaralang sawidak
barang cengkat ana beh teh
mani sing gurayang, sing calekroh
dina tangkal kai tangulun

57