Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bungbulang jeung kiara jingkang
”aki, beunta!”
bray Aki beunta jeung Nini
barang tanggah tanggah ana beh teh
suka bungau mana Aki ningali eta lutung
dibilang aya tujuh likur
monyet salawe jaralang sawidak
teu bosen-bosen ningali
Aki jeung Nini
suka bungah manahna teh

”hayoh geura pasang sumpit eta, aki!”
atuh tina kituna aki masangkeun sumpitna t
ari biasana sumpit Aki mah tara dipaseran
make pelor sagêde huluan kalapa
geus make pelor bêbênêr dilêlêmpêng
eta kai tangulun anu dicicingan
ku lutung tujuh likur
disumpitna ge dahanna
puhuna dahana
laaaar, jêbrod!
atuh burubut lutung tujuh likur
marurag kabeh ragrag

atuh ribut Aki jeung Nini
newak eta lutung
atuh tewak ku Aki: jleng!
kek ku Nini beunang
blus diasupkeun kana koja si dengdek poe
ditewek ku Nini atuh geuning luncat
beunang ku Aki
kêk blus kana koja si dengdek poe
anu tujuh likur eta

atuh tina kituna masangkeun deui pelorna eta geuning
bebener kana kai bungbulang
kana anu dicicingan ku monyet salawe
laaaar, jêbrod! deui
disumpit eta geuning dahanna
mani burubut monyet salawe (geuning)

58