pagawean Budak Manjor”
”mangga”
mangkat raden patih Gajah Malang
diiring ku Lengserna teh
lugay tina pangligaran
gingsir tina pangcalikan, sugan
ka mana jugjug purunna
ka mana jugjug purunna
ka mana dungkap datangna
undur satalanjung jauh
angkat saparêntang anggang
jag lantung nêpi ka tempat
gedong kosong tea
atuh nyampak Budak Manjor
keur ngajemprak bae ngeureunan cape
atuh beh katingali ku kangjêng raja
gedong kosong mani metet pinuh ku sapu
jututut ratu bendu
”binatang! japakan!
abu kurang ajar Budak Manjor!
nya ayeuna meunang hukum pati
naha gêdong kosong
nepikeun mani metet pinuh ku sapu
”ke, ke, gan” ceuk Lengser
ulah rusuh ngahukum jalmi tampa dosa
abdi wantun jadi saksi matina
apan timbalan dampal gusti
perkawis Budak Manjor
buat kudu nyapuan gêdong kosong
eta Budak Manjor sabenerna
tibang dawuh dampal gusti:
kudu nyapukeun runtah-runtah di gedong-gedong kosong
eta Budak Manjor salah
ieu Budak Manjor sabenerna”
”oh jadi salah kêcap dewek, Lengser
”kantênan, gan
ulah rusuh ngahukuman jalmi tampa dosa”
”nya ai salah kêcap dewek mah
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/70
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
69