keun bae dihampura tina pêrkara eta”
”hanyoh Lengser perentahkaun ka balad ponggawa
buat kudu miceunan sapu ti gêdong kosong
hayoh Budak Manjor, piceunan ka dituh!”
”nun, abdi teh sarupi kapindo gawe!”
”euleuh ngabantah!
hayoh parentahkeun ka para ponggawa”
atuh marentahkeun Lengser para ponggawa
miceunan eta sapu ti gedong kosong tea
”nya dihampura Budak Manjor tina perkara eta
ari salah kêcap dewek mah
ayeuna poe isuk
pêrkara Budak Manjor kabeh katiban deui pagawean
buat kudu ngaritan kuda”
”mangga, nun”
mangkat kangjêng raja
diiring ku Lengser ka paseban
atuh Lengser tuluy geus nepi jeung kangjeng raja
Budak Manjor teh geuning kosreng
ngasah arit cênah seukeut pisan
geus cênah seukeut eta arit teh mangkat ka istal kuda tea
barang nêpi geuning
teu antaparah Budak Manjor
lar, sebrêt! gêlêncêng
sebret! gêlêncêng
anu pêgat beuheungna, anu buntutna, anu awakna,
anu sukuna, anu kontolna parêgat
tina kituna tuluy Budak Manjor
mawa kontol kuda nu panggêdena
mangkat ka paseban buat sêtor
ka kangjêng raja
lugay tina pangligaran (sugan)
gingsir tina pangcalikan
kikitrikan patra gading
tatahan patra komala
ngagurat ka tanah polah
atuh jaglantung geuning Budak Manjor
nêpi ka paseban mangkatna teh
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/71
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
70