Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang
sarehna sanes andeung-andeung tamba keueung
alang-alang kumapalang
manawi ditampi baris ngalamar
ka tuang saderek Agan Sumur Agung
”eh rayi, ari kitu aturannana mah
kula mah ka dieu dieu ge darma sambung du’a
darma ngajalkeun
hal kitu jeung kieuna kumaha jinisna bae
leuwih hade tépungan ku anjeun
keur neupa di kaputren
"Lengser”
"kulan”
"anterkeun ieu semah, euy
deuk ngalamar
urang Kuta Salaka, cenah’’
"mangga, atuh gan”
“hayu, cen!”
mangkat geuning Raden Patih Heulang Sangara
diiring ku Lengser ka tempat nu geulis tea
ka tempat Agan Sumur Agung teu

lugay tina pangligaran
gingsirna mah tina pangcalikan, sugan
atuh jag lantung népi ka tempat anu geulis
“hatur pangapunten, gan”
atuh renjag Agan Sumur Agung
”Lengser na aya naon? kami rareuwas teuing’
“ih, gan ulah reuwas-reuwas
manawi ieu mere jalu kitu, nun”
"ulah sok sisiwo ka badan kami
Lengser rek naon nu saenyana?”
"ih atuh ka dieu bae gan, teu pêrcantên mah"
atuh sot tinun dirungkupkeun
cipamulas ditamplokkeun
torojol nu geulis kaluar
seblak ningali ka tatamu
tuluy disina calik
parantos calik dipariksa

79