Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

“akang ti mana?
bade angkat ka mana?
naon nu diseja, akang?”
”eh nyai, akang ti Kuta Salaka
ngaran Raden Patih Heulang Sangara
manawi ditampi deuk ngalamar, kitu nya maksud”
”akang mangga, abdi mangga!
moal aya basa nampik
tanapi teu nampa akang”
”bangkong lodor meuntas jalan, lakadalah”
teu sirikna ngisir
”sukur eta nu dipandang, nyai”
”kitu soteh ukur kacumponan pementa abdi
saha-saha anu sanggup tapa
tujuh taun lamina
geuning mangga abdi baris nyumponan sakapalay, akang”
raheud, Raden Patih Heulang Sangara
”ambu, ambu, ambu
akang mah nyai boro-boro tapa tujuh taun

karek nêpi ka rumangsang oge
eusi peujit nyaeta eusi beuteung
kukurubukan bae
teu sanggup ari kitu aturanana mah, nyai
nyuhunkeun bêdo bae"
atuh balik ngaligincing pulang ngalongkewang
gêjlig! gêlêdeg
mulang nagarana Heulang Sangara teh
ngaberung mah lir kuda mabur
ngapak batan babalapan, sugan
kêkêncêngan bari babandêngan
jauhna mah urang cundukkeun
anggang urang datangkeun
jag lantung geus nêpi geuning
ka nagara Kuta Salaka
cat unggah gek calik
calik ngahurun balung ku tuur
ngagarogol kontol ku cokor
ngajentul bari nundutan
bulu irung digelungan

80