Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tungtung bingung
ngajantêng inget ka nu geulis
ngan teu bisa nyumponan pamentana, teh

teu lami jebul teung saderek anu istri
Agan Ratna Kembang
"nun, êngkang kumaha hasil pamaksudan
tanapi henteu êngkang?”
"ah, bênêr nyai ari beja sok bejer
majahkeun Sumur Agung geulis kawanti-wanti
endah taya bangsana
akang mah ai gok ai teu bogoh, nyai
kajeun teu gablês pamajikan akang mah, lis!
ngan sawondening kitu
barang sukpagi lamun ditikahkeun
ka deungeun-deungeun boh ka saha bae
ieu akang boga panadaran cacarekan
rek nyambungan ku gêgendir beusi
bobot tilu ratus kati, lis!”

katunda urang nagara Kuta Salaka
ngeng kadenge ray karasa ka nagara Kuta Pandak
nu jadi raja di Kuta Pandak
Raden Patih Geger Malela
kagungan hiji mojang
atanapi tuang saderek istri
jenengan Agan Sekar Malela

saur tuang saderek Agan Sekar Malela
“lis, ka dieu, nyai!”
teu lami jêbul ngadeuheus ka payuneun raka
”kang, kapandang naon, akang!”
”eh, nyai, akang jadi raja di Kuta Pandak
can boga prameswari
kokoro. teu boga bojo ~
malarat teu boga papatih: goah
-kekere ku awewe
hirup diajar tikoro kotokeun
careham hayameun.
teuigableg pamajikan-pamajikan acan

CARITA BUDAK MANJOR - 6
 
81