Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

akang masih bujang gêmblangan, lis
janggot akang kakara naroknok

geus bubulu tikukur, nyai
tapi ayeuna akang boga dedengean
sêlêwing kabawa angin
selentang kabawa beja
yen di nagara Kuta Tandingan
aya nu geulis taya tandingan
jenengan Agan Sumur Agung
saderek kangjeng Raja Dipati Layung Kumendung
ku akang dek dilamar
dek neangan piaceukeun, du'akeun lis!“
”akang nyondong ka papagon
lêmpêng sapangiring sapangêrsa, kang
salamêt tilar
salamêt kelar
parêng nêmu kana rahayu
ulah nyorang pancabaya“
atuh basikut dangdan
Raden Patih Geger Malela
teu dicarioskeun dangdanna
”du'akeun, lis!”
bral mangkat ngajugjug ka Kuta Tandingan

lugayna mah tina pangligaran
gingsir geuning tina pangcalikan, sugan
menak ludeung ku paneunggeul
lemarna mah ku wawanen
menak daek ku pangadek
menak dolog ku cacabok
geus kaluar ti Kota Nagara

nyorang leuweung mani sakeukeudeung
nyorang lêbak sabengbatan
ka mana jugjug purunna
ka mana dungkap datangna
undur satalanjung jauh
angkat saparentang anggang
jauh urang cundukkeun

82